Kata kata sunda

tah ieu  kata kata sunda nu alus tur hade jeung urang sadaya  karena iue kata kata sunda anu alus pisan
Hirup katungkulan ku umur, paeh henteu apal dimangsa, matak rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, lamun nyaah kana raga sing terang kana dasarna agama.”

***

“Arurang teh bakal manggihan jeung poe akhir, anu ngandung harti dinten pamungkas, raga ditinggalkeun ku nyawa, maot pingaraneunana. Kabeh bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulenan saeneng-enengna, bakal ngagebleg deui jeung mantena.”

***

“Tunggul entong dirurud, catang entong dirumpak, hirup katungkulan ku umur, paeh henteu nyaho dimangsa. Sing emut kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal ka diri sorangan, asal timana? Cicingna dimana? Balikna kamana?”

***

“Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan nu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang waktu nu sampurna. Sanajan urang bareda tapi sarua, sanajan henteu ngahiji tapi sa’ati, milari ridho gusti anu sajati.”

***

“Hirup di alam dunya sembaheun anging gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina.”

Popular posts from this blog

Untuk Mu Anak Ku

Cara Cepat FYP Tiktok

Sejarah Dan Manfaat Bermain Lato Lato